Showing posts with label Fikmin Sunda. Show all posts
Showing posts with label Fikmin Sunda. Show all posts
Thursday, 9 October 2014
0
Thursday, 9 October 2014
Unknown
Fikmin Sunda: Jiga Peuting Kamari
Jiga peuting kamari, Aneu tuturubun ka pangkalan ojég, panonna cindul jiga geus ceurik, teuing kunaon deui. “Anteur Néng ka kosan, kang,” cenah. Inghak-inghakan. Sapanjang jalan, cluk-clak langit nahan ceurik. … In my solitude. I'm afraid. Dear Lord above. Send back my love… haleuang tembang ‘na radio hapé kuring awor jeung sora knalpot. Anjog ka kosan, Aneu ujug-ujug ngalaan baju romperna. Gabrug nangkeup tipepereket, lewa-lewé semu ogoan. Seuneu ‘na dada kuring méh-méhan ngabebela. Jantung asa rék bitu. Ngadadak birahi pareum kasimbeuh kolebat kalangkang budak jeung pamajikan nu di imah. Gura-giru balik. Hawar-hawar ceurik Aneu ngahiung ‘na urat beuheung. Sapanjang jalan, dada beueus ku istighfar. Anjog ka imah, katempo budak kuring nu awéwé keur saré nangkarak hareupeun tipi. Haté ngadégdég. Teu karasa awak nyangsaya gigireun panto. Leuleus. Jiga peuting kamari, kadangu sora pamajikan ti jero kamarna, silih témbal jeung sora lalaki, teuing jeung saha deui…
[09 Oktober 2014 11:05:46]
read more
[09 Oktober 2014 11:05:46]
Tuesday, 7 October 2014
0
Tuesday, 7 October 2014
Unknown
Fikmin Sunda: Lapar
Tilu poe saméméh qurban, domba, sapi jeung onta saalam dunya ngaraleungit. “Sapi uing leungit!” jalma tingjarerit. “Domba aing euweuh!” jalma tingkocéak. Kukurilingan. Kokotéténgan. Allahu akbar, Allahu akbar… Lus-les, munding, hayam, anjing, bagong jeung kabéh sasatoan milu ngaraleungit. Jalma beuki déprési. Ngagarimbung di unggal alun-alun. Ngamang-ngamang bedog. Can aya peunciteun. Néangan peunciteun. Beuteung geus lapar hayang daging. “Kami rék meuncit naon atuh?” Naon. Naon. Rét mitoha ka minantu. Rét minantu ka mitoha. Salaki jeung pamajikan silih polotot. Hansip jeung polisi silih senghor. Supir angkot jeung tukang ojég pahereng-hereng. RT-RW. Camat-bupati. Gubernur-walikota. Silih ancam. Pamaréntah langlang-lingling. “Kami rék meuncit naon siah?” Naon. Naon. Rét menteri ka presidén. Rét presidén ka menteri. Anggota DPR silih delék. Silih haok. Paraséa. Buringhas. Pating berélé. Ngahiem. Babaung. Silih gégél. Silih hakan!
[07 Oktober 2014 11:42:11]
read more
[07 Oktober 2014 11:42:11]
Monday, 24 February 2014
0
Monday, 24 February 2014
Unknown
Fikmin Sunda: Banjir
Lembur jeung dayeuh banjir deui. Cai walungan ngarayap ngetrokan unggal panto jeung jandéla imah. Kueyeup tinggulitik luhureun sepré. Cai geus nepi bujal! Solokan beuki metet ku sampah spanduk jeung baliho. Tatangkalan garetihan. Isukna, cai beuki ngaluhuran, nembragan dada. Jalma riceuw. Awéwé tingjarerit. Budak leutik laléwéh. Sabangsaning sato paralid dilegleg caah. Poé isukna cai asa rék meuncit beuheung. “Gusti, tulungan, Gusti…” Jalma humarurung luhureun suhunan imah. Ti dayeuh, sora toa, koran, tipi jeung radio tingkocéak. Basa jalma méh-méhan titeuleum, torojol parahu gedé ti lebah wétan. “Boa, parahu nabi Enuh…” érwé Mimid haroshos. Gigisik. Kasima. Teu kungsi lila, jol deui ti lebah kalér. Jul-jol ti madhab papat. Kapiréng jalma tingcorowok ti unggal parahu. “Hayu naraék! Hayu naraék! Coblos kuring!” ***
[24 Fébruari 2014 09:51:51]
read more
[24 Fébruari 2014 09:51:51]
Saturday, 10 August 2013
0
Saturday, 10 August 2013
Unknown
Fikmin Sunda: Linglung
Di hiji lembur, aya imam nu ngadadak poho bacaan solat, poho bacaan qur’an. Deukeut paimbaran manéhna carindakdak, teu eureun istighfar. Nu ngamakmum tingkecewis, milu linglung tuda sarua paroho. Kabéh ngarasa anéh lantaran jalma salembur ngadadak teu bisa nulis jeung maca. Minggu ka minggu, bulan ka bulan, lembur ka lembur, can kapanggih waé nu bisa ngimaman, can kapanggih waé nu bisa maca qur’an. Saban poé jalma ngagimbung di buruan masjid, baringung. Sabari narungguan béja, sapopoé pagawéanna ukur ngaharuleng, kalan-kalan careurik. Haringhang. Kadieunakeun malah aranténg maraén catur jeung maraén kartu. Sakapeung sok jarudi, marabok jeung ngadu hayam hareupeun masjid. Hiji waktu, torojol merbot “Kuring manggih nu bisa kénéh ngimaman!” Kabéh jalma carengkat. Réang. “Saha?! Mana?!” Kasampak hiji jajaka. Pupurungkutan. Dirariung, pada nalék. “Bener manéh bisa ngimaman?!” Si jajaka unggeuk. “Sok ngomong siah, bener manéh bisa maca qur’an?!” Unggeuk deui. Teu antaparah deui, bukbek si jajaka téh digarebugan.***
[10 Agustus 2013 12:23:25]
read more
[10 Agustus 2013 12:23:25]
Thursday, 8 August 2013
0
Thursday, 8 August 2013
Unknown
Fikmin Sunda: Hayang Mudik
“Nyingkah siah!” si bapa ngamuk. Tipi dibeubeutkeun. Kulkas digulingkeun. Sarung, kaméja, dibalang-balangkeun kana beungeut Lilis, “gubug deui tah!” Lilis ukur bisa ceurik. Peurih. Peuting éta pisan manéhna indit deui ka Jakarta. Salila dua taun ti harita kasono méhméhan paéh. Ayeuna, peuting ayeuna, Lilis ngadadak hayang mudik. Sono ka lembur. Tapi sieun ku bapana. Éra ku Indungna. Baluweng. Istigfarna kakubur Jazz. Cimatana katutup késang. Inghakna kagiles haroshos ambekan lalaki bulé nu teu daék cicing nindihan awakna. Birahi Lilis ngadadak tiis. “... allahu akbar... walillah ilham...” halon sora takbir Lilis silihtémbal jeung sora merecon, na haténa.***
read more
Wednesday, 7 August 2013
0
Wednesday, 7 August 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Bedug
Basa malem takbiran, hangsip Momod manggihan bedug di tengah sawah. “Jiga nu murag ti langit…”pokna. Bedug digarotong. Dirariung. Pada ngarusapan. Cenah, jalma nu kungsi nakol éta bedug, sok tuluy hayang mabok, hayang judi. “Anéh, aingah sok langsung hayang nyiksa pamajikan,” ceuk Idang. “Uingah sok jadi hayang maéhan jelema,” ceuk Jupri. Barudak leutik ogé nu kungsi nakol, sok tuluy kasurupan bari ngamang-ngamang bedog hareupeun irung bapana, “pangmeulikeun baju lebaran!”
Tisaparak narakol éta bedug, urang lembur ngadadak arédan. Mama haji ukur gogodeg nampa béja kitu. Kapeutingnakeun, dibaturan hangsip , Mama muru tékapé. Ambek naker nempo jalma ngariung bedug alahbatan nyembah lattauzza. “Barubar siah! Istighfar!” Beledag! bedug dibabuk satarikna nepika totos. “Mod! Duruk bedugna!” pokna. Teu kungsi lila, seuneu ngabebela. Langit meredong. Jempling.
Sapanjang jalan balik, Mama haji ngadégdég. Langlang-lingling sorangan. Anjog dihareupeun hiji imah, manéhna luak-lieuk. Tuluy ngahiem. “Saha?” sora halimpu randa Eulis ti jero kamarna, nabeuh jajantung.
[07 Agustus 2013 00:20:53]
Saturday, 1 June 2013
0
Saturday, 1 June 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Rumasa
Cikopi kari laleurna, basa beurang nu katujuh kalina nilepan sésa caangna. Cuang-cieung. Langlang-lingling. Nunggelis. Tiris. Manéhna teuing ka mana. Teuing di mana. Boa geus poho ka kuring. Boa gering. “Hampura, akang, hampura,” pokna, harita basa leumpang duaan sapanjang Braga. Kiwari, kasono méhméhan bari. Ramat lancah luhureun sepré. Calacah minuhan haté. Rumasa. Rumasa lain salakina…
[01 Juni 2013 09:20:13]
Friday, 1 February 2013
0
Friday, 1 February 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Teuing
Balik ngojég, pikiran asa pajeujeut! Anjog di buruan imah, ngagebeg nempo awéwé kucel sarangah-séréngéh lebah popoéan. Buukna cawigwig. Beu, nu gélo. “Nyingkah siah!” Uing ambek, teu asa-asa buk-bek nampilingan. Nu gélo ampun-ampunan. Tuluy ngabecir. Jadol téh!
Blus uing ka imah. Kaambek hurung deui, nempo hayam cineten luhureun sopa. Taina amburatel. Euh, aya ku raos. Gidig ka dapur. Nyokot bedog. Hayam digiwing ka luar imah. Gugurubugan. Kokotak. “Istighfar, Sujang! Istighfar!” kapiréng sora nini-nini. Rawah-riwih. “Saha manéh?!” Cekéng téh. Kurunyung deui nu gélo, inghak-inghakan. Uing beuki ambek “Nyaringkah siah! Nyaringkah!”
Teu kungsi lila, katempo pocong, gorila, ondél-ondél, katél, kuntilanak, tingtorojol. Ngadeukeutan. Uing ngeleper. Ngoprot késang. “Tulungan, Pa RW! Pa Ustad! Salaki kuring rék meuncit budak! Nganiaya kuring! Teu éling!” nu gélo cocorowokan. Dunya enyay-enyayan. Uing ngudupruk. Ngelemeng. Poék. Teuing…
[01 Fébruari 2013 13:43:49]
Wednesday, 23 January 2013
0
Wednesday, 23 January 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Ceuli Leutik
Hariring muka jempling. Malaikat tingbelesat. “Hudang! Geus waktuna anjeun turun ka dunya!” Sorana atra mawa tanggara. Uing nyaring. Ngalayang ngawang-ngawang. Mapay cahaya nu mabra meulah jomantara. Blus nembus beuteung manusa. Jadi manusa. Uing ngadaging. Poé ka poé. Minggu ka minggu. Bulan ka bulan. Sora ka sora. Dunya kadangu unggal waktu. “Mah, Papah ka kantor heula” sora lalaki. Tah bapa uing. “Muhun, Pah” sora awéwé. Tah indung uing. Trap trap trap. Gerung. Kateuing sora nanahaon. Tring tétotét. “Halo, Aa…” sora indung, ngaharéwos. “Tong waka kadieu, salaki kuring keur manaskeun mobil kénéh…” Haroshos. Tiit. Mangyuta ungkara, nyangkrung ‘na jajantung…
[23 Januari 2013 10:09:24]
Monday, 14 January 2013
0
Monday, 14 January 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Batu Jeung Seuneu
Réwuan kecap nu tingkurunyung tina kamus, areunteup minuhan tatangkalan. Tinggeleber luhureun saung. Tingkalayang mapay-mapay langit. Pakaléng-kaléng jadi ungkara. Silih tangkeup jadi sajak. Silih tungtun jadi carita. Ngagimbung jadi kawih. Jadi tembang-tembang katrésna. Dor! Dor! Ngaburiak. Tingbelesat. Laleungit tukangeun gunung. Aya lima urang paninggaran maranggul bedil. Jarangkung gedé. “Aya nu beunang teu? Kacida euweuh nu paéh hiji mah!” ceuk jalma nu tandukan. “Euweuh. Lalingas pisan..” jalma nu nangtung panghareupna némbalan bari tanggah. Culang-cileung. Buntutna teu daék cicing. Teu kungsi lila, kelir langit nu méméhna bulao, nyingkab jadi hideung. Meredong. Dumadak, réwuan kecap jul-jol lir diburakeun ti langit. Tingkalayang murag-murageun batu jeung seuneu, ningker musuh nu tingkocéak. Tingkulahék. Katinggang batu. Kaduruk seuneu.
[14 Januari 2013 19:39:53]
Saturday, 12 January 2013
0
Saturday, 12 January 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Oedipus Complex
“Wastana Dayang Sumbi…” Oedipus ngaharéwos ka raja Laius. Raja unggut-unggutan. Bring rombongan raja miang ngajugjug béja. Lambak birahi raja ngagolak. “Nyai, kadatangan kuring rék ngalamar anjeun…” raja wakca. Pinuh komara. Dayang Sumbi ngeluk. “Siah! Sumbi beubeureuh uing!” kapiréng sora lalaki. “Saha anjeun?!” raja nanya. “Sangkuriang!” si lalaki némbalan. Panonna hurung. Raja ambek. Curukna méré isarat pati. Wadyabalad ningker si lalaki. Trung-trang pakarang. Cur-cor getih. Mayit pasoléngkrah. Sakilat, bedog geus némpél dina beuheung raja. Gérésél. Langit dayeuh ngauliat. Reueuk… Prang! gelas lésot tina leungeun Yokasta. Reuwas. “Kila-kila naon…” gerentesna. Pias. “Kila-kila cai dina gelas haté anjeun geus bahé…”Oedipus norojol. “Poé ieu, Laius geus miceun anjeun. Kuring nu ditakdirkeun minuhan haté anjeun mah!” ceuk Oedipus. Kurunyung anjing hideung. Ngagerem. “Éling Oedipus! Yokasta sabenerna indung manéh!” pokna. Panonna hurung. Oedipus ngagebeg. “Mustahil siah!” Ambek. Pedangna ngabelesat nojos beuteung anjing. Ngajoprak. “Tumang!” Yokasta ngajerit, ngagabrug anjingna nu sakarat. Hos…
[12 Januari 2013 10:23:32]
Wednesday, 9 January 2013
0
Wednesday, 9 January 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Nu Lumpat
Réang. Beuki loba. Ucing tingketeyep, uang-éong. Hayam tingkurunyung, nyirintil. Anjing tingtorojol, létahna ngelél–kabéh ningker kang Elan jiga nu lalapareun. “Gusti, aya naon ieu téh?” kang Elan ngadégdég. Ngeleper. Keueung. Boa-boa ucing siluman; boa-boa anjing kajajadén, pikirna. Lalaunan mundur tilu léngkah. Beretek wé lumpat satarikna. Tipaparétot. Di tukangeun, sora sasatoan beuki réang. Beuki deukuet. Nepi ka lembur, kang Elan gegedor panto imah akina. “Buka pantona aki! Tulungan aki!” geumpeur. Soak. Sasatoan geus réang hareupeun imah. “Aya naon satéh?!” akina muka panto bari kerung semu reuwas. “Tulungan aki! Uing diudag-udag ucing, anjing, hayam…” kang Elan ngoprot ku késang. Napasna ngahégak. Ninina nu ngelol tina jandéla kamar ngajerit nempo incuna. “Kabiasaan ilaing mah sujang, jiga budak bolon waé!” ceuk akina bari ngalungkeun sarung. Rét ka handap. Karék nyadar teu maké nanaon. Sarangah-séréngéh kaisinan. Kateuing, geus disarung mah ucing, hayam jeung anjing téh tinglaléos.
[09 Januari 2013 11:58:16]F
Tuesday, 8 January 2013
0
Tuesday, 8 January 2013
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Imut Manéhna
Unggal mulang gawé, sapanjang jalan kalangkang manéhna sok tuluy muntang dina haté. Gugurawilan. Gégéléhéan. Biwirna nu kiwari rancucut ku imut, teu weléh ngolébat. Ngabéngbat. Sok hayang poho, tapi hésé poho. Sok hayang peureum, tapi ngaran manéhna hésé pareum. Hésé pareum! Sok hayang cangcaya kana jangji manéhna, tapi ah… Nyaan, unggal péngkolan kalangkang manéhna asa nunutur ngawur-ngawur harepan. Murubut lir cihujan… Sapanjang jalan, raray manéhna teu weléh ngarumbay dina ingetan. Poé ka poé, ngetrokan haté. Kadieu aya, kaditu aya. Duh nyaan, kuring hésé poho kana biwir manéhna nu teu weléh imut sorangan. Seuri sorangan. Dina baliho. Jiga nu gélo…
[08 Januari 2013 10:00:49]
0
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Bitu
Hareupeun béngkélna, Japra ngahuleng. Meusmeus lieuk ka jalan. “Aingah tiiseun waé, euweuh nu ngeusi angin-angin acan. Jadol!” murang-maring. Tung tang tung tang. Peuntaseun jalan, dogdog ditabeuhan. Monyét jujumpalitan. Kandaraan nu ngaraliwat tingbelewer ngalungkeun duit. Dada Japra ngagedur. “Ari monyét babari meunang duit téh!” Japra aral. “Teu adil pangeran mah!” pokna bari nalapung ban urut. Ti kajauhan, katempo aya nu nungtun motor. Japra curinghak. “Nambal, Mang!” cenah. Rikat Japra mawa pakakasna. Teu kungsi lila, torojol deui “angin, Mang!” Torojol deui “bitu, Mang!” Tingtorojol. Ngantay. Ngagimbung. “Tos can, Mang?” pok nu hiji. “Ngisi heula angin nu ieu atuh, Mang!” Meusmeus ieu mang. Itu mang. Japra kawalahan. Aral. “Mangké satéh! hiji-hiji!”Japra morongos. “Biasa wé atuh meni poporongos!” malik morongos. Paréa-réa omong. Nu ngantri tinglaléos. Tingkecewis… Japra sorangan deui. Ngahuleng deui. Tung tang tung tang. Peuntaseun jalan, sakadang monyét nonggéngan. Japra ngarasa diléléwé. Beuki aral. Metet. Beledug! haténa bitu.
[08 Januari 2013 12:21:24]
Thursday, 27 December 2012
0
Thursday, 27 December 2012
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Can Aya Judul
Endra kapincut imut Maya. Teu kahaja beurang tadi tepung deui di jalan Braga. Bakating sono hayang panggih deui jeung si geulis, térékél Endra naék tangkal kalapa, langit peuting dilélédkeun. Bray beurang murageun cahayana. Ti lembur, ngaboséh sapédah. Nurugtug. Haténa ratug. Mangpuluh kilometer, ngeupeul harepan poé ieu bisa sasapédahan jeung Maya, teu karasa geus nepi deui. Bréh. “Maya…” si geulis ngalieuk. “Endra?” Maya atoh. Reg aya mobil beureum eureun hareupeunana. Ngelaksonan. Maya neuteup Endra. Panonna dumadak carinakdak. Blus ka jero mobil. Semu rusuh. Mobil ngabiur. Duriat Endra ngorondang ka tengah jalan, burantak katabrak tunggara. Kertas kasono nu peuting dijejewét. Sapédah ditalapung. Endra balik leumpang bari najongan cangkang harepan. Brak! Tikajauhan kadangu aya sora nu tabrakan. Endra ngarandeg. Mobil beureum nabrak sédan! Cipanonna bedah. ‘Love has no pride… Oh, I’d give anything to see you again..’ haleuang tembang ti kafé peuntaseun jalan. Traffick light keukeureuceuman. Beureum.
[27 Désémber 2012 11:03:28]
Tuesday, 25 December 2012
0
Tuesday, 25 December 2012
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Nu Rék Sarolat
Maranéhna tepung di tempat wudu.“Kawit timana kitu, Pa?”“Ti Bojongcihcir. Ari ujang?”“Oh. Abdi ti Bojongcuhcur. Badé solat ayeuna, Pa?”“Muhun, Jang.”“Hayu atuh sareng, barjamaah.”“Saé saé, hayu…”Blus maranéhna ka masjid.“Mangga, kapayun Pa, janten imamna.”“Éh, sok wé Ujang kapayun.”“Ih alim ah, Bapa w锓Éh nya, tong maksa kuring ah, sok diajar kadinyah.”“Sanés soal diajarnya, Pa. Mangga nu sepuh kapayun mah.”“Lain ku sepuhna uingah. Sok tong hésé ah. Sok!”“Teu ah, meni maksa!”“Éh, didinya nu maksa mah!““Émbung ah! Sok wé kadinyah.”“Euh éta ngomong, teu sopan siah ka kolot!“Manéh nu teu sopan, teu ngahargaan kanu ngora!”“Ngalunjak siah!” gampleng. Si ujang ditampiling.“Nyir!” Hiung. Buk! Si ujang malik nonjok. Daligdeug.Giriwil si bapa nyokot kotak amal.Jebrod! Si Ujang dibabuk satarikna. Ngajengkang.Embung éléh, si Ujang narajang. Bruk!Ngoréjat. Narajang. Ngoréjat.Silih senghor. Silih cekék. Silih babuk.Silih gégél. Silih téjéh!
[25 Désémber 2012 15:26:09]
Monday, 24 December 2012
0
Monday, 24 December 2012
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Aral
Gutrut manéhna nulis sajak: ‘Didieu, geulis, sésa girimis tinglaléor mapay kaca jandéla. Didieu, haté kuring mapay…JALANAN YANG MACET…’ Manéhna ngagebrag méja. Ngajejewét kertas. Gutrut nulis sajak deui: ‘Geulis, mangtaun-taun mangréwu sajak kiwari ukur neundeun kanyeri. Ayeuna, geulis, anjeun ngalangkang mawa … POLITIK…’ Manéhna murang-maring. Kertas dijejewét. Patulayah. Gutrut nulis sajak deui: ‘Duriat kuring, Jungjunan, ngahariring lir… PELAKU CURANMOR!’ Gustiiii! Manéhna ambek. Rénghap ranjug. Gutrut nulis deui: ‘Geulis, soca anjeun ngiceupan lir … PEJABAT YANG KORUPSI…’ Beletak! manéhna ngabalangkeun pulpen. Aral. Jung nangtung. Gidig nyampeurkeun tipi. Jebrod! sakadang tipi ditalapung satarikna nepika rangsak. Jempling…
[24 Désémber 2012 21:08:09]
Wednesday, 19 December 2012
0
Wednesday, 19 December 2012
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Boa-boa
Geleber hiber. Manuk muter luhureun kalender. Eunteup geumpeur dina lahunan désémber. “Gusti…kamarana januari jeung februari nu kamari?” Manuk ngeluk, nyuksruk. Semu hanjelu. “Dimarana séptémber jeung oktober?” pokna teu répéh. Teu eureun-eureun kokoréh. Geleber ka pausahaan, gedong pajabat, ka kantor-kantor. “Boa-boa maranéhna keur milu korupsi? Boa-boa milu paséa?” Geleber ka sakola. “Boa-boa paraéh basa milu tawuran?” Geleber ka diskotik. “Boa-boa milu pésta narkoba jeung abégé?” Geleber ka alun-alun. “Boa-boa ngabudah milu kampanyé pulitik?” Geleber ka hotél. “Boa-boa maranéhna keur salingkuh?” Geleber ka leuweung. “Boa-boa milu ngaragaji jeung bangsat kai?” Geleber ka pabrik “Boa-boa kaleyek ku nu démo?” Geleber ka dayeuh. “Boa-boa kakubur ku sampah? Boa-boa kabawa palid ku banjir?” Boa-boa. Boa-boa. Manuk ngeleper sisi jalan. Ceurik balilihan. “Gusti, kamarana juni jeung juli nu kamari…”
[19 Désémber 2012 23:17:39]
Thursday, 13 December 2012
0
Thursday, 13 December 2012
Unknown
Fikmin Sunda: Heug
“Pap, hoyong acuk anyar” pamajikkanna ngarenghik. “Heug” ceuk salakina bari anteng maca koran. “Pap, hoyong motor anyar” pok deui soréna. “Heug” salakina némbalan. “Pap, hoyong mobil anyar” pok deui isukna. “Heug” Meusmeus Pap. Meusmeus Pap. “Sabar nya, Mah… papap mah ulah gurunggusuh, bisi KPK curiga. Pamajikanna ngarahuh. Tuluy ngaléos ka kamar. Budakna nu leutik keur anteng gogoléran luhureun kasur. Golédag milu ngagolér. “Bunda, hoyong ameng deui sareng si papap nu kamari…” budakna ngaharéwos. Indungna ngarérét heula ka panto kamar. “Sabar nya, sayang, tong gurunggusuh, bisi si papap curiga…” indungna ngaharéwos. Budak nonggongan “Heug!” pokna bari manyun.
read more
Wednesday, 12 December 2012
0
Wednesday, 12 December 2012
Unknown
read more
Fikmin Sunda: Wirahma Rama
Harita, basa matapoé beunta, Rama nulis sajak cinta dina dada Shinta. Geter Shinta lir puseur langit nu buligir, meulit basisir haté Rama ku kelir takdir. Ayeuna, di Musee Du Louvre, cinta teu lana minuhan wadahna. Garing. Geuring. Seungit birahina unggal peuting ukur ngahariring dina wirahma Dizzy Gilespie jeung sagelas Cognac. “Kamana Shinta? Kamana?” Rama ceurik. Tarik. Kolébat kalangkang Shinta kapegat ringkang Rahwana. Rama siduru hareupeun seuneu timburu. Langlang-lingling, teu éling. Balayar ka unggal sagara. Medalkeun tunggara di unggal nagara. “Dimana Shinta? Dimana?” Rama ngalalana. Maca tapak Shinta. Maca banua. Maca budaya. Maca agama. Dua tahun ti harita, Rama kapiuhan di Tatar Sunda. Basa panon Rama beunta, aya raray wanoja. Rama luak-lieuk. Langit cangra. Wirahma tarawangsa. “Shinta?” Rama ngejat. “Saha Shinta?” si wanoja kerung. “Buka baju anjeun. Sajak kuring, Shinta!” Si wanoja mingkin kerung. “Punten, sanés muhrim. Kuring mah Iteung!” Rama paséa jeung birahina sorangan…
[12 Désémber 2012 12:43:15]
Subscribe to:
Posts (Atom)



