Saturday 12 January 2013

0

Fikmin Sunda: Oedipus Complex

  • Saturday 12 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • “Wastana Dayang Sumbi…” Oedipus ngaharéwos ka raja Laius. Raja unggut-unggutan. Bring rombongan raja miang ngajugjug béja. Lambak birahi raja ngagolak. “Nyai, kadatangan kuring rék ngalamar anjeun…” raja wakca. Pinuh komara. Dayang Sumbi ngeluk. “Siah! Sumbi beubeureuh uing!” kapiréng sora lalaki. “Saha anjeun?!” raja nanya. “Sangkuriang!” si lalaki némbalan. Panonna hurung. Raja ambek. Curukna méré isarat pati. Wadyabalad ningker si lalaki. Trung-trang pakarang. Cur-cor getih. Mayit pasoléngkrah. Sakilat, bedog geus némpél dina beuheung raja. Gérésél. Langit dayeuh ngauliat. Reueuk… Prang! gelas lésot tina leungeun Yokasta. Reuwas. “Kila-kila naon…” gerentesna. Pias. “Kila-kila cai dina gelas haté anjeun geus bahé…”Oedipus norojol. “Poé ieu, Laius geus miceun anjeun. Kuring nu ditakdirkeun minuhan haté anjeun mah!” ceuk Oedipus. Kurunyung anjing hideung. Ngagerem. “Éling Oedipus! Yokasta sabenerna indung manéh!” pokna. Panonna hurung. Oedipus ngagebeg. “Mustahil siah!” Ambek. Pedangna ngabelesat nojos beuteung anjing. Ngajoprak. “Tumang!” Yokasta ngajerit, ngagabrug anjingna nu sakarat. Hos…
    [12 Januari 2013 10:23:32]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Oedipus Complex”

    Post a Comment

    Subscribe