Wednesday 9 January 2013

0

Fikmin Sunda: Nu Lumpat

  • Wednesday 9 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • Réang. Beuki loba. Ucing tingketeyep, uang-éong. Hayam tingkurunyung, nyirintil. Anjing tingtorojol, létahna ngelél–kabéh ningker kang Elan jiga nu lalapareun. “Gusti, aya naon ieu téh?” kang Elan ngadégdég. Ngeleper. Keueung. Boa-boa ucing siluman; boa-boa anjing kajajadén, pikirna. Lalaunan mundur tilu léngkah. Beretek wé lumpat satarikna. Tipaparétot. Di tukangeun, sora sasatoan beuki réang. Beuki deukuet. Nepi ka lembur, kang Elan gegedor panto imah akina. “Buka pantona aki! Tulungan aki!” geumpeur. Soak. Sasatoan geus réang hareupeun imah. “Aya naon satéh?!” akina muka panto bari kerung semu reuwas. “Tulungan aki! Uing diudag-udag ucing, anjing, hayam…” kang Elan ngoprot ku késang. Napasna ngahégak. Ninina nu ngelol tina jandéla kamar ngajerit nempo incuna. “Kabiasaan ilaing mah sujang, jiga budak bolon waé!” ceuk akina bari ngalungkeun sarung. Rét ka handap. Karék nyadar teu maké nanaon. Sarangah-séréngéh kaisinan. Kateuing, geus disarung mah ucing, hayam jeung anjing téh tinglaléos.
    [09 Januari 2013 11:58:16]F

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Nu Lumpat”

    Post a Comment

    Subscribe