Tuesday 8 January 2013

0

Fikmin Sunda: Imut Manéhna

  • Tuesday 8 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • Unggal mulang gawé, sapanjang jalan kalangkang manéhna sok tuluy muntang dina haté. Gugurawilan. Gégéléhéan. Biwirna nu kiwari rancucut ku imut, teu weléh ngolébat. Ngabéngbat. Sok hayang poho, tapi hésé poho. Sok hayang peureum, tapi ngaran manéhna hésé pareum. Hésé pareum! Sok hayang cangcaya kana jangji manéhna, tapi ah… Nyaan, unggal péngkolan kalangkang manéhna asa nunutur ngawur-ngawur harepan. Murubut lir cihujan… Sapanjang jalan, raray manéhna teu weléh ngarumbay dina ingetan. Poé ka poé, ngetrokan haté. Kadieu aya, kaditu aya. Duh nyaan, kuring hésé poho kana biwir manéhna nu teu weléh imut sorangan. Seuri sorangan. Dina baliho. Jiga nu gélo…
    [08 Januari 2013 10:00:49]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Imut Manéhna”

    Post a Comment

    Subscribe