Tuesday 8 January 2013

0

Fikmin Sunda: Bitu

  • Tuesday 8 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • Hareupeun béngkélna, Japra ngahuleng. Meusmeus lieuk ka jalan. “Aingah tiiseun waé, euweuh nu ngeusi angin-angin acan. Jadol!” murang-maring. Tung tang tung tang. Peuntaseun jalan, dogdog ditabeuhan. Monyét jujumpalitan. Kandaraan nu ngaraliwat tingbelewer ngalungkeun duit. Dada Japra ngagedur. “Ari monyét babari meunang duit téh!” Japra aral. “Teu adil pangeran mah!” pokna bari nalapung ban urut. Ti kajauhan, katempo aya nu nungtun motor. Japra curinghak. “Nambal, Mang!” cenah. Rikat Japra mawa pakakasna. Teu kungsi lila, torojol deui “angin, Mang!” Torojol deui “bitu, Mang!” Tingtorojol. Ngantay. Ngagimbung. “Tos can, Mang?” pok nu hiji. “Ngisi heula angin nu ieu atuh, Mang!” Meusmeus ieu mang. Itu mang. Japra kawalahan. Aral. “Mangké satéh! hiji-hiji!”Japra morongos. “Biasa wé atuh meni poporongos!” malik morongos. Paréa-réa omong. Nu ngantri tinglaléos. Tingkecewis… Japra sorangan deui. Ngahuleng deui. Tung tang tung tang. Peuntaseun jalan, sakadang monyét nonggéngan. Japra ngarasa diléléwé. Beuki aral. Metet. Beledug! haténa bitu.
    [08 Januari 2013 12:21:24]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Bitu”

    Post a Comment

    Subscribe