Thursday 27 December 2012

0

Fikmin Sunda: Can Aya Judul

  • Thursday 27 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Endra kapincut imut Maya. Teu kahaja beurang tadi tepung deui di jalan Braga. Bakating sono hayang panggih deui jeung si geulis, térékél Endra naék tangkal kalapa, langit peuting dilélédkeun. Bray beurang murageun cahayana. Ti lembur, ngaboséh sapédah. Nurugtug. Haténa ratug. Mangpuluh kilometer, ngeupeul harepan poé ieu bisa sasapédahan jeung Maya, teu karasa geus nepi deui. Bréh. “Maya…” si geulis ngalieuk. “Endra?” Maya atoh. Reg aya mobil beureum eureun hareupeunana. Ngelaksonan. Maya neuteup Endra. Panonna dumadak carinakdak. Blus ka jero mobil. Semu rusuh. Mobil ngabiur. Duriat Endra ngorondang ka tengah jalan, burantak katabrak tunggara. Kertas kasono nu peuting dijejewét. Sapédah ditalapung. Endra balik leumpang bari najongan cangkang harepan. Brak! Tikajauhan kadangu aya sora nu tabrakan. Endra ngarandeg. Mobil beureum nabrak sédan! Cipanonna bedah. ‘Love has no pride… Oh, I’d give anything to see you again..’ haleuang tembang ti kafé peuntaseun jalan. Traffick light keukeureuceuman. Beureum.
    [27 Désémber 2012 11:03:28]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Can Aya Judul”

    Post a Comment

    Subscribe