Tuesday 25 December 2012

0

Fikmin Sunda: Nu Rék Sarolat

  • Tuesday 25 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Maranéhna tepung di tempat wudu.“Kawit timana kitu, Pa?”“Ti Bojongcihcir. Ari ujang?”“Oh. Abdi ti Bojongcuhcur. Badé solat ayeuna, Pa?”“Muhun, Jang.”“Hayu atuh sareng, barjamaah.”“Saé saé, hayu…”Blus maranéhna ka masjid.“Mangga, kapayun Pa, janten imamna.”“Éh, sok wé Ujang kapayun.”“Ih alim ah, Bapa w锓Éh nya, tong maksa kuring ah, sok diajar kadinyah.”“Sanés soal diajarnya, Pa. Mangga nu sepuh kapayun mah.”“Lain ku sepuhna uingah. Sok tong hésé ah. Sok!”“Teu ah, meni maksa!”“Éh, didinya nu maksa mah!““Émbung ah! Sok wé kadinyah.”“Euh éta ngomong, teu sopan siah ka kolot!“Manéh nu teu sopan, teu ngahargaan kanu ngora!”“Ngalunjak siah!” gampleng. Si ujang ditampiling.“Nyir!” Hiung. Buk! Si ujang malik nonjok. Daligdeug.Giriwil si bapa nyokot kotak amal.Jebrod! Si Ujang dibabuk satarikna. Ngajengkang.Embung éléh, si Ujang narajang. Bruk!Ngoréjat. Narajang. Ngoréjat.Silih senghor. Silih cekék. Silih babuk.Silih gégél. Silih téjéh!
    [25 Désémber 2012 15:26:09]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Nu Rék Sarolat”

    Post a Comment

    Subscribe