Monday 24 December 2012

0

Fikmin Sunda: Aral

  • Monday 24 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Gutrut manéhna nulis sajak: ‘Didieu, geulis, sésa girimis tinglaléor mapay kaca jandéla. Didieu, haté kuring mapay…JALANAN YANG MACET…’ Manéhna ngagebrag méja. Ngajejewét kertas. Gutrut nulis sajak deui: ‘Geulis, mangtaun-taun mangréwu sajak kiwari ukur neundeun kanyeri. Ayeuna, geulis, anjeun ngalangkang mawa … POLITIK…’ Manéhna murang-maring. Kertas dijejewét. Patulayah. Gutrut nulis sajak deui: ‘Duriat kuring, Jungjunan, ngahariring lir… PELAKU CURANMOR!’ Gustiiii! Manéhna ambek. Rénghap ranjug. Gutrut nulis deui: ‘Geulis, soca anjeun ngiceupan lir … PEJABAT YANG KORUPSI…’ Beletak! manéhna ngabalangkeun pulpen. Aral. Jung nangtung. Gidig nyampeurkeun tipi. Jebrod! sakadang tipi ditalapung satarikna nepika rangsak. Jempling…
    [24 Désémber 2012 21:08:09]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Aral”

    Post a Comment

    Subscribe