Wednesday 19 December 2012

0

Fikmin Sunda: Boa-boa

  • Wednesday 19 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Geleber hiber. Manuk muter luhureun kalender. Eunteup geumpeur dina lahunan désémber. “Gusti…kamarana januari jeung februari nu kamari?” Manuk ngeluk, nyuksruk. Semu hanjelu. “Dimarana séptémber jeung oktober?” pokna teu répéh. Teu eureun-eureun kokoréh. Geleber ka pausahaan, gedong pajabat, ka kantor-kantor. “Boa-boa maranéhna keur milu korupsi? Boa-boa milu paséa?” Geleber ka sakola. “Boa-boa paraéh basa milu tawuran?” Geleber ka diskotik. “Boa-boa milu pésta narkoba jeung abégé?” Geleber ka alun-alun. “Boa-boa ngabudah milu kampanyé pulitik?” Geleber ka hotél. “Boa-boa maranéhna keur salingkuh?” Geleber ka leuweung. “Boa-boa milu ngaragaji jeung bangsat kai?” Geleber ka pabrik “Boa-boa kaleyek ku nu démo?” Geleber ka dayeuh. “Boa-boa kakubur ku sampah? Boa-boa kabawa palid ku banjir?” Boa-boa. Boa-boa. Manuk ngeleper sisi jalan. Ceurik balilihan. “Gusti, kamarana juni jeung juli nu kamari…”
    [19 Désémber 2012 23:17:39]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Boa-boa”

    Post a Comment

    Subscribe