Thursday 13 December 2012

0

Fikmin Sunda: Heug

  • Thursday 13 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • “Pap, hoyong acuk anyar” pamajikkanna ngarenghik. “Heug” ceuk salakina bari anteng maca koran. “Pap, hoyong motor anyar” pok deui soréna. “Heug” salakina némbalan. “Pap, hoyong mobil anyar” pok deui isukna. “Heug” Meusmeus Pap. Meusmeus Pap. “Sabar nya, Mah… papap mah ulah gurunggusuh, bisi KPK curiga. Pamajikanna ngarahuh. Tuluy ngaléos ka kamar. Budakna nu leutik keur anteng gogoléran luhureun kasur. Golédag milu ngagolér. “Bunda, hoyong ameng deui sareng si papap nu kamari…” budakna ngaharéwos. Indungna ngarérét heula ka panto kamar. “Sabar nya, sayang, tong gurunggusuh, bisi si papap curiga…” indungna ngaharéwos. Budak nonggongan “Heug!” pokna bari manyun.

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Heug”

    Post a Comment

    Subscribe