Wednesday 12 December 2012

0

Fikmin Sunda: Wirahma Rama

  • Wednesday 12 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Harita, basa matapoé beunta, Rama nulis sajak cinta dina dada Shinta. Geter Shinta lir puseur langit nu buligir, meulit basisir haté Rama ku kelir takdir. Ayeuna, di Musee Du Louvre, cinta teu lana minuhan wadahna. Garing. Geuring. Seungit birahina unggal peuting ukur ngahariring dina wirahma Dizzy Gilespie jeung sagelas Cognac. “Kamana Shinta? Kamana?” Rama ceurik. Tarik. Kolébat kalangkang Shinta kapegat ringkang Rahwana. Rama siduru hareupeun seuneu timburu. Langlang-lingling, teu éling. Balayar ka unggal sagara. Medalkeun tunggara di unggal nagara. “Dimana Shinta? Dimana?” Rama ngalalana. Maca tapak Shinta. Maca banua. Maca budaya. Maca agama. Dua tahun ti harita, Rama kapiuhan di Tatar Sunda. Basa panon Rama beunta, aya raray wanoja. Rama luak-lieuk. Langit cangra. Wirahma tarawangsa. “Shinta?” Rama ngejat. “Saha Shinta?” si wanoja kerung. “Buka baju anjeun. Sajak kuring, Shinta!” Si wanoja mingkin kerung. “Punten, sanés muhrim. Kuring mah Iteung!” Rama paséa jeung birahina sorangan…
    [12 Désémber 2012 12:43:15]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Wirahma Rama”

    Post a Comment

    Subscribe