Wednesday 5 December 2012

0

Fikmin Sunda: Ngaroko Téh Séhat

  • Wednesday 5 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Adin jeung Udin silih pelong hareupeun dokter “Ceuk uing gé naon, cindekna nu garering di rumah sakit ieu, kabéh tara ngararoko. Jadi roko mah nyéhatkeun deuleu! Tah nu tara ngaroko jiga manéh mah babari gering” ceuk Adin poporongos. Udin gagaro teu ateul. “Bener kitu, teu salah dok?” Udin nanya. “Leres. Numutkeun data ieu mah, kabéh pasién nu diangkut basa kajadian kapiuhan massal kamari, tara ngararoko.” Ceuk dokter. “Jadi nu ngaroko mah seréhat nya, dok?” ceuk Udin, kerung. Dokter ngalaan kacamatana “Teu…” pokna. “Maksudna? Nu Ngaroko kumaha?” Udin beuki kerung. “Paéh di jalan…” Ceuk dokter…
    [05 Désémber 2012 20:48:12]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Ngaroko Téh Séhat”

    Post a Comment

    Subscribe