Tuesday 4 December 2012

0

Fikmin Sunda: Saha Maneh?

  • Tuesday 4 December 2012
  • Unknown
  • Share
  • Seminggu tiharita, Kurdi jadi titinggi. Nyumput dina lomari kamarna. Anteng melong pamajikanna nu keur maca majalah luhureun kasur. Buligir. “Hampura akang… hanjakal ngadahar duit rahayat…” Cucunguk ngalengis. Kapeutingnakeun, aya sora nu keketrok kana jandèla kamar. Tèrèkèl RT Dasèp asup. Titinggi ngagebeg. “Baruk, pamajikan salingkuh?!” Kasubuhnakeun, Dasèp luncat kaluar kamar. Isuk-isuk basa hudang, pamajikan Kurdi jadi cucunguk. Muter. Blus ka lomari. “Saha manèh?” titinggi nanya. “Ari manèh saha?” cucunguk malik nanya. Bray, lomari ayan nu muka. Budak Kurdi nu lalaki ngajerit. Teu eureun-eureun ngababuk titinggi jeung cucunguk. Nepika ancur. Sajam tiharita budaknya jadi asin peda. Kurunyung ucing. Asin peda digègèl, tuluy lumpat kaluar imah. “Saha manèh?!” si asin nanya. “Teuing atuh. Pokona geus lila teu nulis…”
    [04 Désémber 2012 22:40:10]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Saha Maneh?”

    Post a Comment

    Subscribe