Thursday 4 October 2012

0

Fikmin Sunda: Misteri Tikuda

  • Thursday 4 October 2012
  • Unknown
  • Share
  • Jalma ngagimbung sisi jalan. Rombongan mobil pajabat ngaleut. Sora sirineu ngahiung. Ojég, angkot, béca jeung kéréték nyarisi, digebah-gebah ku polisi. Barudak SD ngajajar. Kabéh hangsip ngahormat. Bapa pajabat ngelol tina jandéla mobil, gugupay ka sakur jalma nu ngajajar sisi jalan. Dihareupeun pasar, rombongan tarurun. “Daérah ini banyak délman? Udaranya bau kotoran kuda!” ceuk pajabat ka lurah nu moyongkod tukangeun bapa pajabat. Lurah molotot ka hangsip. Tuluy ngaharéwos “Cenah geus stéril tai jeung sampah, gening ceuk si bapa butikuda kénéh?” Hangsip ungsrak-ingsreuk “Ah, maenya…” Pokna. Bring rombongan ka kantor lurah. “Cih! Gimana nih. Di sini juga bau!” Bring ka jalan “Kacau! Bau kotoran kuda di mana-mana!” Bring ka kacamatan. Bring. Bring. “Bau!” Bapa pajabat murang-maring. Rombongan réang. Silih pelong. Héran. Kurunyung tukang cilok. “Éta pak, aya tikuda dina kumis!” pokna. Bapa pajabat rikat ngaragap kumisna. Tikuda murag kana bahamna “Pait” si bapa ngalengis, kutap-kétap.
    [04 Oktober 2012 15:14:50]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Misteri Tikuda”

    Post a Comment

    Subscribe