Thursday 4 October 2012

0

Kamus Sunda: Léwéh

  • Thursday 4 October 2012
  • Unknown
  • Share
  • Nyi Éha keur bébérés kamar. Budakna ceurik hayang jajan. “Jempé satéh, léwéh waé! Ménta jajan mah ka bapa manéh!” Nyi Éha nyentak. Budak beuki tarik ceurikna, nepika saréna. Dug magrib, bapana balik. Budak hudang ménta jajan. “Cicing ah, tuh ka indung manéh jajan mah!” ceuk bapana. “Duit timana sakang! Dieu atuh setor!” ceuk Nyi Éha bari molotot. “Teuing, teu boga! Sepi ngojégna gé! Néangan wé olangan!” ceuk salakina bari ngaléos kaluar imah. Hing Nyi Éha ceurik. Nyeri haté. “Jempé satéh, léwéh waé!” ceuk budakna bari ngaléos.
    [04 Oktober 2012 20:11:50]

    0 Responses to “Kamus Sunda: Léwéh”

    Post a Comment

    Subscribe