Tuesday 14 August 2012

0

Fikmin Sunda: Dongéng Romadon

  • Tuesday 14 August 2012
  • Unknown
  • Share
  • Di langit, sésa sora takbir tingkalayang. Turun lalaunan. Namper dina dangdaunan. Kapanasan. Kahujanan. Maruragan. Saminggu ti harita jadi cucunguk. Jadi bilatung. Ngaraliang kana taneuh. Ari sakadang Romadon, ngajoprak sisi jalan. Kuleuheu. Sakapeung geleber ngapung. Sakapeung ngarayap meuntas jalan. Inghak-inghakan. Aprak-aprakan mapay beurang jeung peuting. Ceurik. Balilihan. Jalma nu tarandukan tingketeyep ngadodoho manéhna. Ditéwak. Dibekem. Diborogod. Tuluy digusur ka alun-alun. Diadukeun jeung Syawal. Dikoroyok ku Rajab, Safar, Muharram jeung nu lainna. Jalma tinggorowok. Jiga nongton bagong dirempug anjing. Dicakar. Digegel. Nu dirogahala engap-engapan. Teu walakaya. Awakna lamokot ku getih. Teu kungsi lila, hos! “Horééé!” jalma nu narongton surak. Tuluy buriak barubar. Bangké Romadon diantep, buyatak digembrong laleur. Sataun lilana…
    [14 Agustus 2012 05:03:35]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Dongéng Romadon”

    Post a Comment

    Subscribe