Monday 13 August 2012

0

Fikmin Sunda: Tarawéh

  • Monday 13 August 2012
  • Unknown
  • Share
  • Nu rék tarawéhan ngan aya juhlas urang. Kiyai saribuk. Pa Ustad ijin. Lurah geuring. Pa Haji mudik. Pa DKM kapegat macét. Cenah. Bingung, saha nu rék jadi imam? Kabéh nu di masigit ngan bisa maca kulhu. Torojol aki-aki. Mawa buntelan. Bajuna sararoéh. Dekil. “Komat, Jang. Kuring imamna…” Pokna. Dareuda. Tuluy ngadeg nukangan. Kabéh silih pelong. Silh haréwos “Jir, maenya diimaman kunu kieu..” Maenya. Maenya! Loba nu cangcaya. Kukulutus. Tuluy tingraléos balik. Nyésa opatan jeung imam. Takbiratul ikhram. Al-fatihah. Horéng si aki téh norolang babacaanna. Genah. “Aaaamiiin…” Uing ngagebeg. Ditukangeun, kadangu aweuhan lir mangréwu sora ma’mum ngaaminan. Agem. Uing hémeng. Réngsé solat isa, rét ka tukang. Ta’jub nempo ma’mum minuhan masigit. Bajuna sarwa bodas. Salila tarawéh, uing ngadégdég. Teu kungsi lila sabada réngsé solat, mangréwu ma’mum ujug-ujug tingbelesat ka langit. Laleungitan. Uing jeung Duyéh ngeleper. Ki Aminta nangkarak kapiuhan. Di lawang masigit, imam ingkud-ingkudan. Humariring. Nginghak.
    [13 Agustus 2012 20:45:01]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Tarawéh”

    Post a Comment

    Subscribe