Wednesday 8 August 2012

0

Fikmin Sunda: Sajak

  • Wednesday 8 August 2012
  • Unknown
  • Share
  • 4:10. Sahur! Gura-giru kaluar, nénangan warteg. Kukurilingan. Narutup. Teu jiga mimiti puasa. Gusti, kieu jauh ti dulur mah, jauh ti lembur. Cuang-cieung. Balik deui ka kamar kontrakan. Diuk ngahuleng. Gutrut nulis sajak, parat nepika subuh. Eureuleu. Nyaan aya ku nikmat nulis sajak. Nuhun, Gusti. Wareg! Nging imsak. Sajak dibaca deui. Teu kungsi lila ngong adan subuh. Sajak ngagolak jero haté, ngagalaksak jero awak. Jadi késang. Ngoprot. Gidig ka kamar mandi. Adus…
    [08 Agustus 2012 04:27:53]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Sajak”

    Post a Comment

    Subscribe