Monday 23 July 2012

0

Fikmin Sunda: Romadon

  • Monday 23 July 2012
  • Unknown
  • Share
  • Ngong adan. Tikajauhan jalma ngaleut. Ngagimbung di lawang masjid. Kuring mapay jalan, ngaliwatan imah gedong nu ngajajar tohaga. Bus kuring asup ka masjid. Kadéngé komat. Jung narangtung. Solat. Hawa hareudang, beueus saawak-awak, ngelekeb nepika tahiyat ahir. Assalamu’alaikum. Rét ka katuhu: buta héjo! Assalamu ‘alaikum. Rét ka kénca: bagong! Gigisik. Kuring ngeleper. Héran naha jalma nu sarolat bet jadi sato. Lembur nanahaon ieu? Geuwat cengkat. Gura-giru muru panto rék kaluar. Tapi aya buta hideung ngajega di lawang panto. Nukangan. Sirahna ngalieuk. Kuring beuki ngeleper. Ngagoak! Tuluy naék jandéla. Luncat. Di jero masjid kadéngé réang: “Aya monyét! Astaghfirullah aya monyét bodas maok Quran! Itu luncat ka luar! Téwak! Téwak!” Kuring lumpat asruk-asrukan norobos rungkun, gogorowokan maca takbir. Teu eureun-eureun.
    [23 Juli 2012 21:00:06]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Romadon”

    Post a Comment

    Subscribe