Sunday 22 July 2012

0

Fikmin Sunda: Tragédi Tarawéh

  • Sunday 22 July 2012
  • Unknown
  • Share
  • Uing jeung ki Dasmi nu elat datang ka masjid, héran nempo imam jeung makmum teu cengkat-cengkat sujudna. “Lila pisan Sujang, sakadang imam teu cengkat-cengkat. Geus sapuluh minut. Boa-boa… tilar dunya!” Ceuk ki Dasmi. Uing ukur kerung, tuluy ngageuingkeun nu keur naronggéng sujud, kalahka laju tinggolépak bari bahamna caralangap. Beuteungna barudayut. “Boa-boa jalma samasjid aya nu nyantét!” kitu analisis ki Dasmi di TKP. “Harirup kénéh… Buru Sujang, ménta tulung!” Uing rikat ngodok hapé. Nyelah motor. Gogorowokan. Satengah jam tiharita, jul-jol dukun, polisi, wartawan jeung ambulan. Malahan tingkurunyung jalma opatan ngaku utusan KPK. “Kumaha, Pak? Kunaon?” cekéng téh panasaran. “Hasil olah TKP kita menemukan bahwa meréka semua mengalami kamerkaan saat berbuka puasa…” Uing jeung ki Dasmi silih pelong…
    [22 Juli 2012 05:19:00]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Tragédi Tarawéh”

    Post a Comment

    Subscribe