Tuesday 26 June 2012

0

Fikmin Sunda: Trotoar

  • Tuesday 26 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • “Tempo di hareup, motor lalar-liwat, tingkalacat luhureun trotoar, isuk-isuk jalma geus silih badug ngudag dunya…” Ceuk Robét bari gék diuk. Doglas ukur nyéréngéh, tuluy mukaan koran urut. Kelepus udud. “Unggal poé ngungudag duit, lain duit nu nyampeurkeun” pokna, tuluy ngalaan kaca mata hideung, gigisik. “Capé meureun gawé kitu nya, sieun kabeurangan, kudu mikir… kalan-kalan, inggis di PHK…” Nyuruput kopi haneut, bangun nu nimat. Ngalegeday. Nu diajak ngobrol mareuman roko. Tuluy cengkat. “Uing poé ieu di lampu mérah… Geus meunang baraha manéh euy?” pokna nanya. “Maratus…” ceuk Robét bari nempokeun wadah kaléng. Tuluy gégéléhéan luhureun trotoar. Wanci haneut moyan, si Doglas ngadigleu meuntas jalan…
    [26 Juni 2012 12:09:34]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Trotoar”

    Post a Comment

    Subscribe