Wednesday 20 June 2012

0

Fikmin Sunda: SMS Icha

  • Wednesday 20 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • “Lis, kirim kecap… hiji we. Gapakelama!” Icha ngasms Lilis, alona. “Kecap? Kecap naon?” Ti Imahna Lilis ngabales. “Naon we, bebas… “ Icha ngabales deui. “Borosot” balesan Lilis. “Har naon ari Lilis? Burukeun abi nuju masak, hoream meuli kecap ka warung!” Icha ngabales. Ngambek. Lila taya balesan. Icha kukulutus. “Punten, abdi tadi nuju ngerjakeun PR. Ooh kécap… hahahaha. Nya ayeuna kadinya“ Lilis kakara ngabales. “Teuing ah! Masakna ge teu tulus!” Icha ngabales, bari Jamedud. Nyarita ka indungna, diseungseurikeun. “Lilis mah mamahna gé guru basa Sunda, ngartos, kumaha kedahna nyerat dina basa Sunda. Lantip. Kécap nu dibotolan mah ‘e’ na nganggo curek!” Ceuk indungna. “Pira gé SMS!” Icha manyun. “Nya biasakeun atuh” Indungna seuri. Teu kungsi lila, aya SMS deui ti Lilis: “Ih, ngambek hahaha. Sakedap deui kadinya. Éh Icha, si Bibi aya didinya teu?” Icha ngabales: “Eweh!” Dibales deui ku Lilis: “Euweuh meureun! Hahaha”

    0 Responses to “Fikmin Sunda: SMS Icha”

    Post a Comment

    Subscribe