Wednesday 20 June 2012

0

Fikmin Sunda: Fabél

  • Wednesday 20 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Di hiji kampung, warga hayam keur balakécrakan “Akang… itu si bungsu hoyong emam sareng daging.” Ceuk hayam bikang. “Heug!” témbal hayam jalu bari cengkat. Tuluy ngingkig muru kandang. “Ah nu ieu wé peuncit mah!” ceuk hayam jalu. “Asik!” si anak hayam surak. “Moal cekap hiji mah atuh, Akang ih, bisi lanceukna gé hoyongeun…” Ceuk hayam bikang. Hayam jalu katempo ngagidig. Ngadeukeutan. Babaturan kuring neumbragan kandang, hayang kabur. Rikat kuring ngaréngkol. Api-api saré…
    [20 Juni 2012 20:26:11]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Fabél”

    Post a Comment

    Subscribe