Monday 14 January 2013

0

Fikmin Sunda: Batu Jeung Seuneu

  • Monday 14 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • Réwuan kecap nu tingkurunyung tina kamus, areunteup minuhan tatangkalan. Tinggeleber luhureun saung. Tingkalayang mapay-mapay langit. Pakaléng-kaléng jadi ungkara. Silih tangkeup jadi sajak. Silih tungtun jadi carita. Ngagimbung jadi kawih. Jadi tembang-tembang katrésna. Dor! Dor! Ngaburiak. Tingbelesat. Laleungit tukangeun gunung. Aya lima urang paninggaran maranggul bedil. Jarangkung gedé. “Aya nu beunang teu? Kacida euweuh nu paéh hiji mah!” ceuk jalma nu tandukan. “Euweuh. Lalingas pisan..” jalma nu nangtung panghareupna némbalan bari tanggah. Culang-cileung. Buntutna teu daék cicing. Teu kungsi lila, kelir langit nu méméhna bulao, nyingkab jadi hideung. Meredong. Dumadak, réwuan kecap jul-jol lir diburakeun ti langit. Tingkalayang murag-murageun batu jeung seuneu, ningker musuh nu tingkocéak. Tingkulahék. Katinggang batu. Kaduruk seuneu.
    [14 Januari 2013 19:39:53]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Batu Jeung Seuneu”

    Post a Comment

    Subscribe