Wednesday 23 January 2013

0

Fikmin Sunda: Ceuli Leutik

  • Wednesday 23 January 2013
  • Unknown
  • Share
  • Hariring muka jempling. Malaikat tingbelesat. “Hudang! Geus waktuna anjeun turun ka dunya!” Sorana atra mawa tanggara. Uing nyaring. Ngalayang ngawang-ngawang. Mapay cahaya nu mabra meulah jomantara. Blus nembus beuteung manusa. Jadi manusa. Uing ngadaging. Poé ka poé. Minggu ka minggu. Bulan ka bulan. Sora ka sora. Dunya kadangu unggal waktu. “Mah, Papah ka kantor heula” sora lalaki. Tah bapa uing. “Muhun, Pah” sora awéwé. Tah indung uing. Trap trap trap. Gerung. Kateuing sora nanahaon. Tring tétotét. “Halo, Aa…” sora indung, ngaharéwos. “Tong waka kadieu, salaki kuring keur manaskeun mobil kénéh…” Haroshos. Tiit. Mangyuta ungkara, nyangkrung ‘na jajantung…
    [23 Januari 2013 10:09:24]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Ceuli Leutik”

    Post a Comment

    Subscribe