Friday 1 February 2013

0

Fikmin Sunda: Teuing

  • Friday 1 February 2013
  • Unknown
  • Share
  • Balik ngojég, pikiran asa pajeujeut! Anjog di buruan imah, ngagebeg nempo awéwé kucel sarangah-séréngéh lebah popoéan. Buukna cawigwig. Beu, nu gélo. “Nyingkah siah!” Uing ambek, teu asa-asa buk-bek nampilingan. Nu gélo ampun-ampunan. Tuluy ngabecir. Jadol téh!
    Blus uing ka imah. Kaambek hurung deui, nempo hayam cineten luhureun sopa. Taina amburatel. Euh, aya ku raos. Gidig ka dapur. Nyokot bedog. Hayam digiwing ka luar imah. Gugurubugan. Kokotak. “Istighfar, Sujang! Istighfar!” kapiréng sora nini-nini. Rawah-riwih. “Saha manéh?!” Cekéng téh. Kurunyung deui nu gélo, inghak-inghakan. Uing beuki ambek “Nyaringkah siah! Nyaringkah!”
    Teu kungsi lila, katempo pocong, gorila, ondél-ondél, katél, kuntilanak, tingtorojol. Ngadeukeutan. Uing ngeleper. Ngoprot késang. “Tulungan, Pa RW! Pa Ustad! Salaki kuring rék meuncit budak! Nganiaya kuring! Teu éling!” nu gélo cocorowokan. Dunya enyay-enyayan. Uing ngudupruk. Ngelemeng. Poék. Teuing…
    [01 Fébruari 2013 13:43:49]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Teuing”

    Post a Comment

    Subscribe