Saturday 10 August 2013

0

Fikmin Sunda: Linglung

  • Saturday 10 August 2013
  • Unknown
  • Share
  • Di hiji lembur, aya imam nu ngadadak poho bacaan solat, poho bacaan qur’an. Deukeut paimbaran manéhna carindakdak, teu eureun istighfar. Nu ngamakmum tingkecewis, milu linglung tuda sarua paroho. Kabéh ngarasa anéh lantaran jalma salembur ngadadak teu bisa nulis jeung maca. Minggu ka minggu, bulan ka bulan, lembur ka lembur, can kapanggih waé nu bisa ngimaman, can kapanggih waé nu bisa maca qur’an. Saban poé jalma ngagimbung di buruan masjid, baringung. Sabari narungguan béja, sapopoé pagawéanna ukur ngaharuleng, kalan-kalan careurik. Haringhang. Kadieunakeun malah aranténg maraén catur jeung maraén kartu. Sakapeung sok jarudi, marabok jeung ngadu hayam hareupeun masjid. Hiji waktu, torojol merbot “Kuring manggih nu bisa kénéh ngimaman!” Kabéh jalma carengkat. Réang. “Saha?! Mana?!” Kasampak hiji jajaka. Pupurungkutan. Dirariung, pada nalék. “Bener manéh bisa ngimaman?!” Si jajaka unggeuk. “Sok ngomong siah, bener manéh bisa maca qur’an?!” Unggeuk deui. Teu antaparah deui, bukbek si jajaka téh digarebugan.***
    [10 Agustus 2013 12:23:25]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Linglung”

    Post a Comment

    Subscribe