Thursday 8 August 2013

0

Fikmin Sunda: Hayang Mudik

  • Thursday 8 August 2013
  • Unknown
  • Share
  • “Nyingkah siah!” si bapa ngamuk. Tipi dibeubeutkeun. Kulkas digulingkeun. Sarung, kaméja, dibalang-balangkeun kana beungeut Lilis, “gubug deui tah!” Lilis ukur bisa ceurik. Peurih. Peuting éta pisan manéhna indit deui ka Jakarta. Salila dua taun ti harita kasono méhméhan paéh. Ayeuna, peuting ayeuna, Lilis ngadadak hayang mudik. Sono ka lembur. Tapi sieun ku bapana. Éra ku Indungna. Baluweng. Istigfarna kakubur Jazz. Cimatana katutup késang. Inghakna kagiles haroshos ambekan lalaki bulé nu teu daék cicing nindihan awakna. Birahi Lilis ngadadak tiis. “... allahu akbar... walillah ilham...” halon sora takbir Lilis silihtémbal jeung sora merecon, na haténa.***

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Hayang Mudik”

    Post a Comment

    Subscribe