Wednesday 7 August 2013

0

Fikmin Sunda: Bedug

  • Wednesday 7 August 2013
  • Unknown
  • Share
  • Basa malem takbiran, hangsip Momod manggihan bedug di tengah sawah. “Jiga nu murag ti langit…”pokna. Bedug digarotong. Dirariung. Pada ngarusapan. Cenah, jalma nu kungsi nakol éta bedug, sok tuluy hayang mabok, hayang judi. “Anéh, aingah sok langsung hayang nyiksa pamajikan,” ceuk Idang. “Uingah sok jadi hayang maéhan jelema,” ceuk Jupri. Barudak leutik ogé nu kungsi nakol, sok tuluy kasurupan bari ngamang-ngamang bedog hareupeun irung bapana, “pangmeulikeun baju lebaran!”
    Tisaparak narakol éta bedug, urang lembur ngadadak arédan. Mama haji ukur gogodeg nampa béja kitu. Kapeutingnakeun, dibaturan hangsip , Mama muru tékapé. Ambek naker nempo jalma ngariung bedug alahbatan nyembah lattauzza. “Barubar siah! Istighfar!” Beledag! bedug dibabuk satarikna nepika totos. “Mod! Duruk bedugna!” pokna. Teu kungsi lila, seuneu ngabebela. Langit meredong. Jempling.
    Sapanjang jalan balik, Mama haji ngadégdég. Langlang-lingling sorangan. Anjog dihareupeun hiji imah, manéhna luak-lieuk. Tuluy ngahiem. “Saha?” sora halimpu randa Eulis ti jero kamarna, nabeuh jajantung.
    [07 Agustus 2013 00:20:53]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Bedug”

    Post a Comment

    Subscribe