Saturday 1 June 2013

0

Fikmin Sunda: Rumasa

  • Saturday 1 June 2013
  • Unknown
  • Share
  • Cikopi kari laleurna, basa beurang nu katujuh kalina nilepan sésa caangna. Cuang-cieung. Langlang-lingling. Nunggelis. Tiris. Manéhna teuing ka mana. Teuing di mana. Boa geus poho ka kuring. Boa gering. “Hampura, akang, hampura,” pokna, harita basa leumpang duaan sapanjang Braga. Kiwari, kasono méhméhan bari. Ramat lancah luhureun sepré. Calacah minuhan haté. Rumasa. Rumasa lain salakina…
    [01 Juni 2013 09:20:13]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Rumasa”

    Post a Comment

    Subscribe