Monday 24 February 2014

0

Fikmin Sunda: Banjir

  • Monday 24 February 2014
  • Unknown
  • Share
  • Lembur jeung dayeuh banjir deui. Cai walungan ngarayap ngetrokan unggal panto jeung jandéla imah. Kueyeup tinggulitik luhureun sepré. Cai geus nepi bujal! Solokan beuki metet ku sampah spanduk jeung baliho. Tatangkalan garetihan. Isukna, cai beuki ngaluhuran, nembragan dada. Jalma riceuw. Awéwé tingjarerit. Budak leutik laléwéh. Sabangsaning sato paralid dilegleg caah. Poé isukna cai asa rék meuncit beuheung. “Gusti, tulungan, Gusti…” Jalma humarurung luhureun suhunan imah. Ti dayeuh, sora toa, koran, tipi jeung radio tingkocéak. Basa jalma méh-méhan titeuleum, torojol parahu gedé ti lebah wétan. “Boa, parahu nabi Enuh…” érwé Mimid haroshos. Gigisik. Kasima. Teu kungsi lila, jol deui ti lebah kalér. Jul-jol ti madhab papat. Kapiréng jalma tingcorowok ti unggal parahu. “Hayu naraék! Hayu naraék! Coblos kuring!” ***

    [24 Fébruari 2014 09:51:51]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Banjir”

    Post a Comment

    Subscribe