Thursday 9 October 2014

0

Fikmin Sunda: Jiga Peuting Kamari

  • Thursday 9 October 2014
  • Unknown
  • Share
  • Jiga peuting kamari, Aneu tuturubun ka pangkalan ojég, panonna cindul jiga geus ceurik, teuing kunaon deui. “Anteur Néng ka kosan, kang,” cenah. Inghak-inghakan. Sapanjang jalan, cluk-clak langit nahan ceurik. … In my solitude. I'm afraid. Dear Lord above. Send back my love… haleuang tembang ‘na radio hapé kuring awor jeung sora knalpot. Anjog ka kosan, Aneu ujug-ujug ngalaan baju romperna. Gabrug nangkeup tipepereket, lewa-lewé semu ogoan. Seuneu ‘na dada kuring méh-méhan ngabebela. Jantung asa rék bitu. Ngadadak birahi pareum kasimbeuh kolebat kalangkang budak jeung pamajikan nu di imah. Gura-giru balik. Hawar-hawar ceurik Aneu ngahiung ‘na urat beuheung. Sapanjang jalan, dada beueus ku istighfar. Anjog ka imah, katempo budak kuring nu awéwé keur saré nangkarak hareupeun tipi. Haté ngadégdég. Teu karasa awak nyangsaya gigireun panto. Leuleus. Jiga peuting kamari, kadangu sora pamajikan ti jero kamarna, silih témbal jeung sora lalaki, teuing jeung saha deui…

    [09 Oktober 2014 11:05:46]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Jiga Peuting Kamari”

    Post a Comment

    Subscribe