Saturday 2 June 2012
0
Fikmin Sunda: Teungteuingeun
Di tengah jalan basa keur dibawa ka rumah sakit, nyawa kang Yoyo kaburu dirabut pati. Béja mah kang Yoyo aya nu ngaracun! Poé éta kénéh, adina ngamuk, ngamang-ngamang bedog di lawang imah kontrakan. “Saha nu ngaracun lanceuk aing?! Dipeuncit! Dicacag!” Teuing saha jalma nu téga maéhan. Teu kapanggih. Komo asa mustahil aya nu daék ngaku mah. Teungteuingeun. Opat bulan ti harita, najan kajadian geus puyar tina ingétan urang lembur, tapi haté Astri tetep nguyung. Ukur Yaya wé nu sok rajeun datang téh. “Néng téh anom kénéh, kedah tetep sumanget. Teu aya istri nu hoyong dikantunkeun carogé…. Tong teras sedih, tos waktuna muka lambaran anyar deui….” Astri ukur tungkul. Jempling. Yaya narik napas, laju cengkat. Dituturkeun ku Astri ka lawang panto. Teuteup Yaya seukeut norobos panon Astri. Sempet ngusap pipina. Laju ngagidig ninggalkeun imah. Panto hareup ditutup lalaunan. Astri ngudupruk. Ngahuleng. Teu kungsi lila ceurik ngabangingik…
[02 Juni 2012 12:59:51]
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 Responses to “Fikmin Sunda: Teungteuingeun”
Post a Comment