Thursday 31 May 2012

0

Fikmin Sunda: Si Geulis

  • Thursday 31 May 2012
  • Unknown
  • Share
  • Gék Rusdy diuk di sisi ranjang “Ipis pisan antara poé ka poé, Geulis, lir baju anjeun wengi ayeuna” ceuk Rusdy. Si Geulis ukur imut. Wirahma birahi Rusdy ngagalaksak kasubuhnakeun. Jiga peuting kamari, saméméh adan subuh, Rusdy luncat ti jandéla kamar. Kalakuan Rusdy kapanggih ku hansip Umed. Beurangna, basa Rusdy ngaliwat ka poskamling, hansip Umed nu keur maturan barudak maraén gapléh, nyampeurkeun. “Rus, unggal peuting kuring nempo manéh kaluar ti…” Can réngsé ngomong gé, hansip Umed kaburu dibekem ku Rusdy, laju diséréd ka tukang “Naon satéh, geus tong geruh ka batur” ceuk Rusdy molotot, bari ngasongkeun roko sabungkus. Hansip Umed ukur olohok. Sanggeus Rusdy balik, hansip Umed ahirna nyarita kalakuan Rusdy ka barudak. Maranéhna mupakat peuting ayeuna rék ngintip Rusdy. Peutingna, basa hujan ngaririncik, hansip Umed jeung barudak ningker Rusdy di tempat peuting kamari. Gusti… katempo nyampak Rusdy buligir keur nangkeup tangkal cau nu rungkad gigireun astana…

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Si Geulis”

    Post a Comment

    Subscribe