Wednesday 30 May 2012

0

Fikmin Sunda: Fikmin

  • Wednesday 30 May 2012
  • Unknown
  • Share
  • Kuring narik napas “Abdi nampi nikah ka Nénéng, putra teges Abah, kalayan nganggo maskawin ku emas 2 gram, dibayar kontan” Sakur nu aya kadangu kuciwa “Wuuh maenyaaa…” Ceu Ijah nakolan katél, Mang Oo nakolan tihang listrik. Ki Momon ngeundeuk-ngeundeuk anteneu tipi Pa RW—riceuw! Héran. Teu kagok kuring ngulang ijab ku maskawin 10 gram ditambah motor. Nu haladir beuki riceuw, gangas.
    “Burukeun sakang, ceuk beja mah mun salah tilu kali, bolay!” Aya nu ngaharéwos. Kuring guligah. Jempling sajongjonan. Narik napas deui. Kabéh narahan napas. Nu lumpat eureun heula. Nu ngakeul noong heula “Abdi nampi nikah ka Nénéng, putra teges Abah, kalayan nganggo maskawin ku… hiji fikmin, dibayar kontan!”
    “Saaaah!” Kabéh surak. Kuring ngoréjat. Sora hapé gogoakan. Panon keukeureuceuman, sérab ku layar monitor. Gap kana hapé. “Hallo” Ceuk kuring, lulungu. “Gimana catatan buat besok pagi sudah beres?!” sora nu nelpon rada nyentak. “Alhamdulillah… pak… sah…”

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Fikmin”

    Post a Comment

    Subscribe