Tuesday 22 May 2012

0

Fikmin Sunda: Fikmin

  • Tuesday 22 May 2012
  • Unknown
  • Share
  • Sabot keur dagang bandros, ki Aminta aya nu ngajak jadi béntang iklan partéy, merankeun rahayat leutik nu ngadukung partéy. Manéhna diolo baris dibéré duit. “sugan wé bisa mantuan incu neruskeun sakola deui…” Sawatara lilana sanggeus mucunghul dina ikan tipi, ki Aminta ngadadak kasohor; meusmeus dirangkul lurah, sakapeung ku camat, meusmeus diriung ku urang lembur.
    Satengah taun tiharita, aya béja pajabat partéy téh loba nu kalibet korupsi. Jelengéng rupa-rupa sora nepi kana ceuli ki Aminta. Hémeng, meusmeus manéhna dipoyok koruptor, pada ngomongkeun, pada ngahina, diwiwirang. “Naha kuring bet nyeri haté…” pokna dareuda. Sapopoéna jadi nguyung. Kateuing ku pikiran, sabulan tidinya ki Aminta gering parna, begang, embung ngomong kasasaha gé. Ngalempréh. Éta wé basa incuna balik ngaji jam 8, serenteng nyium leungeun akina nu ngajelepeng, geuwat wé lumpat deui kaluar. Kabéh can apaleun, saméméh adan isa gé ki Aminta mah geus maot…

    [22 Méi 2012 13:57:26]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Fikmin”

    Post a Comment

    Subscribe