Thursday 17 May 2012

0

Fikmin Sunda: Nu Mulang

  • Thursday 17 May 2012
  • Unknown
  • Share
  • Kalangkang siraru kokolébatan. Sésa cikopi digembrong laleur. Kang Darman ngarahuh. Cekés kuntung disundut. Kelepus, haseupna luar-léor, nembus bilik. Kadangu sora lagu tina radio tatangga: Poor people gonna rise up, and get their share… and take what’s theirs… Manéhna cengkat, laju ngajanteng di lawang kamar. Budak jeung pamajikanna geus tibra. Léos muka panto hareup. Tanggah ka langit, teu kungsi lila ngagidig ka jalan. Teuing jam sabaraha. Jempling, ukur sora koréak lebah kebon awi. Ngadadak tikajauhan pating gorowok sora jelema: “bangsat! téwak! paéhaan!”
    Di kamar, budak ngulisik; indungna hudang, sakapeung noong kaluar jandéla. Sabot rék cengkat, ngagebeg ningali salakina ngajanteng di lawang kamar. “Badé ka mana, Nyi?” Kang Darman nanya, halimpu. “Eh, Kang…tadi di luar asa ngadangu aya nu gogorowokan…” Kang Darman nangkeup pamajikanna “Keun, antep wé…Sok teraskeun istirahatna” Laju nyampeurkeun budakna nu tibra, ngusapan sirahna. Kang Darman ngaléos kaluar kamar. Awakna ujug-ujug ngalayang, nembus bilik..

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Nu Mulang”

    Post a Comment

    Subscribe