Friday 11 May 2012

0

Fikmin Sunda: Di Kamar Kontrakan

  • Friday 11 May 2012
  • Unknown
  • Share

  • Saban peuting, sora tipi pasesedek jeung haseup roko. Mulek lir haseup pabrik. Di kamar leutik nu remeng-remeng, peuting ieu kuring sorangan kénéh, maturan guligah sajak luhureun asbak. Reup bray rohangan, leungeun teu daék cicing mencétan rémot, meusmeus warta kriminal, meusmeus iklan… Panon beuki karasa peurih, tapi hésé saré. Duh Gusti, sakapeung peurih haté, sono ka lembur… Tipi dipareuman, poék—mingkin seukeut tina jandéla kamar, lapat-lapat sora napas kuda. Sakapeung hohoang, asa nyakar garingna tikoro. Teu kungsi lila kadangu hujan turun, régang tatangkalan ngaregéh, méméh birahina tépa, nurih angen kuring…

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Di Kamar Kontrakan”

    Post a Comment

    Subscribe