Friday 11 May 2012

0

Fikmin Sunda: Panon Nyi Iteung

  • Friday 11 May 2012
  • Unknown
  • Share

  • Dina eunteung kamar, ngolébat raray Nyi Iteung. Kacipta lenjang nganggo kabaya panjang. Sapeupeuting, Kang Kabayan ngahariring, teu genah cicing. Sakapeung cindekul ngapalkeun ijab kobul. “Tarima abdi nikah ka Nyi Iteung…” Teu kendat-kendat, katalar pisan. Kang Kabayan seuri sorangan. Tapi sakapeung sora jam dingding ngagiles keteg jajantung, sok laju gura-giru wudu ngumbah guligah. Hayang geura-geura isuk…
    Bray, panonpoé muka dangding harepan, pating gurilap pakéan Kang Kabayan bakating ku ginding. Aya nu gagah diabring-abring; haleuang dijajap tembang. Jalma silihbadug, hayam silihtokér, pahareup-hareup deukeut pangantén.

    Gék pangantén dariuk, réréndengan. Cahya kaméra patingburinyay. Teu karasa sasalaman gé, beuki muntah sora jelema gé, atuda panon Nyi Iteung lir panon Hawa ka Adam—neuleumkeun raraméan, neuleumkeun raga Kang Kabayan, asa duaan… Gebeg aya nu nepak “buru, ngomong… tarima abdi nikah…kituh” aya nu ngaharéwos tukangeunana bari nyiwit cangkéng. Bari semu aga-eugeu, Kang Kabayan ngomong: “Tarima abdi nikah… eu.. ngilangkeun hadats alit…”
    Ad-duh… Ki Momon nepak tarang.

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Panon Nyi Iteung”

    Post a Comment

    Subscribe