Friday 11 May 2012

0

Fikmin Sunda: Haté Mah

  • Friday 11 May 2012
  • Unknown
  • Share
  • "Kuring mah rék kabur ti imah! Capé maturan Ema waé!" ceuk budakna bari jamedud. Kop kana rangsel, gulawing digandongkeun.
    "Jig! Ema mah saeutik gé teu paduli!" témbal indungna. Ngabalieur. Blus ka kamar.
    Bulan kari sapasi. Beuki écés sora nu nyegruk ceurik di jero kamar; nyuuh luhureun sajadah, cipruk ku cimata. Sapanjang jalan, budakna ngarandeg, inghak-inghakan nahan ceurik...

    [11 Méi 2012 18:42:46]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Haté Mah”

    Post a Comment

    Subscribe