Sunday 17 June 2012

0

Fikmin Sunda: Ngudag Buronan

  • Sunday 17 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Kuring ngajleng. Rikat ngarawél kerah bajuna “Jadi manéh mangkelukna nu ngajual narkoba?!” cekéng téh bari nodongkeun péstol. Manéhna nyurungkeun kuring. Tuluy lumpat tipaparétot. Bedas siah! Teu kuat ngudag deui, asa capé, ti isuk-isuk ngudag buronan. Ti kajauhan aya nu lunga-lengo di pager imah gedong. Kuring curiga. Tuluy ngalabrak “Manéh baladna?! Ngaku siah, di mana buronan uing nyumputna?!” Nurustunjung, ditodong péstol téh kalahka lumpat. Teuing saha nu ngabocorkeun misi rusiah polisi. Kaluar jalma tiluan néwak kuring. Blus kuring di jongklokeun ka jero mobil. Suku kuring diborogod. Gaplok! Sirah ditampiling. Péstol kuring dirampas. “Mawa péstol cai sagala” pokna ngagakgak “Euh jalma, nepika gélo kieu ku dunya…” baturna gogodeg. Sora sirineu ngahieng, néjéhan ceuli kuring…
    [17 Juni 2012 17:48:00]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Ngudag Buronan”

    Post a Comment

    Subscribe