Monday 18 June 2012

0

Fikmin Sunda: Ngajaga Kasatiaan

  • Monday 18 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Panon Mang Jaka bolotot tukangeun rungkun. Anteng ngintip si mojang lenjang jeung babaturanna nu rék marandi di talaga. Panonna beuki bolotot basa réma-réma si mojang ngomé kancing bajuna. Mang Jaka dibeulit ku lamunan. Kapincut ku geulisna. Teu kungsi lila lamunan Mang Jaka kagebah sora tingjarerit si wanoja jeung babaturanna. Tuluy tingbelesat ka langit. Mang Jaka ngucek-ngucek matana. Di belah wétan, katara Déwi Wulan—pamajikanna—keur anteng ngeundeuk-ngeundeuk katumbiri. Imut geugeut ka manéhna…
    [18 Juni 2012 15:42:39]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Ngajaga Kasatiaan”

    Post a Comment

    Subscribe