Sunday 17 June 2012

0

Fikmin Sunda: Agénda

  • Sunday 17 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Boaz Enrique keur sibuk ngetik. Anoushka, pamajikanna, geus tibra. Kring, sora hapéna disada. “Hallo… oké. Isuk simkuring nu mingpin rapat. Eh, tong poho, balikna nepak deui atawa futsal!” Boaz ngagakgak. Tut. Manéhna papuket deui mérésan méja. Kring hapéna disada deui. “Oh kitu. Muhun, sonten pasti dikirim ka kantor!” Kring deui. “Hallo. Eh Barry. Baé lah, sésana mah urusan sayah!” Tut. Manéhna narik napas. Rét kana jam. Laptop dipareuman. Cengkat. Golédag. Anoushka ngulisik, tuluy nangkeup “Papa, énjing wengi tong hilap nganteur abdi ka paméran.” Ceuk Anoushka. Celengok, Boaz nyium pamajikanna “Pasti Sayang..” Ceuk Boaz bari nyetél jam wéker. Tuluy mareuman lampu kamar. Isukna, jam wéker jejeritan. Anoushka ngoréjat “Papa, enggal gugah” nu dihudangkeun ukur ngajelepeng. Teu usik-usik. Raray Anoushka pias. “Papaaa!” Gogoakan. Teu eureun-eureun…
    [17 Juni 2012 16:34:08]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Agénda”

    Post a Comment

    Subscribe