Sunday 17 June 2012

0

Fikmin Sunda: Aksara

  • Sunday 17 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Basa hudang saré, bahamna leungit! Sabot kokotéténgan néangan, kataji ku aksara nu tingpucunghul tina awakna, lir késang. Unggal jam, ngariut jadi ungkara. Tingkalayang. Tinggorowok; sorana leuwih tarik batan sora bedil. Tanagana leuwih bedas batan robot. Leuwih seukeut batan péso, nu nyocog tulangna… Hos. Awakna ngalayang. Ngabelesat jadi heulang. Jadi hujan. Jadi laut. Jadi getih. Ngagalura di jero awak rébuan orok nu bakal meruhkeun mangrébu sato kajajadén di nagarana sorangan!
    [17 Juni 2012 15:17:48]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Aksara”

    Post a Comment

    Subscribe