Monday 11 June 2012

0

Fikmin Sunda: Jam 12 Peuting

  • Monday 11 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • “Dang, boga pamajikan téh masakna asin waé! Boa-boa begér deui!” ceuk juragan Rahul. Juragan istri nyikikik, laju mairan “Bener, teu kesit, ari dahar rewog!” Mang Adang ukur nyéréngéh. Pamajikanna mah anteng ngumbah wadah. Jam 12 peuting, Mang Adang hudang. Manéhna diuk sisi ranjang. Rét nempo pamajikanna. Tibra. Napasna turun naék. Aya napsu nu ngagedur dina dadana, tapi lain birahi. Teu kungsi lila manéhna cengkat. Laju ka dapur, ngarawél péso. Ngagurilap kasorot lampu tengah imah.
    [11 Juni 2012 19:59:26]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Jam 12 Peuting”

    Post a Comment

    Subscribe