Sunday 10 June 2012

0

Fikmin Sunda: Intermézzo

  • Sunday 10 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Cahaya bulan, ngempur. Gang leutik. Bras ka gapura. Rohangan imah kawilang lega. Lalaki jangkung gedé leumpang ngagégag muka panto kamar. Remeng-remeng. Di jerona, aya awéwé geulis keur disalin. “Aya sémah” pokna. “On!” témbal si awéwé. Teu kungsi lila sémah asup, gura-giru mukaan baju… Cetrék, si awéwé ngahurungkeun lampu kamar. Gebeg. “Papah!” si awéwé ngajerit. Mamah!” si Lalaki ngagoak bari ngangsrodkeun calana…
    [10 Juni 2012 19:03:32]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Intermézzo”

    Post a Comment

    Subscribe