Sunday 10 June 2012

0

Fikmin Sunda: Hiji Carita

  • Sunday 10 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Lanceuk awéwéna dibawa ngumbara ku salakina ka Jakarta. Lanceuk panggedéna di Papua, mangtaun-taun teu balik. Kang Enang, nyelang heula balik ti Kalimantan sanggeus nampa béja ti lembur yén indungna geus 6 bulan gering parna. Di imah, indungna cicing sorangan. Geus lila hirup sorangan. Nepi ka imah, di buruan ngagimbung barudak leutik. Réang. Blus asup. Poék. Hapeuk. Imah barala teu kaurus. Muka panto kamar, nyampak indungna keur nyisiran rambut. “Ema!” Kang Enang ngagabrug. Nu digabrug ukur melong. Seuri. Kang Enang cengkat. Ngajanteng sawatara lilana. Carinakdak. Laju ngagidig ka luar imah. “Barubar siah! Nyaringkah!” beretek barudak lalumpatan. Réang. Kang Enang ngudupruk di buruan imah. Teu wasa nahan ceurik. Ti jero imah, kadangu indungna ngahariring. Nyikikik…
    [10 Juni 2012 10:48:03]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Hiji Carita”

    Post a Comment

    Subscribe