Thursday 7 June 2012

0

Fikmin Sunda: Amplop

  • Thursday 7 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Si Néng nyampak keur nungguan. Kabeneran, di imahna ukur duaan jeung bapana. Cenah, indungna mah keur sibuk ngurus kafé di Bandung. Rét kana poto kulawarga di ruang tamu. Bener ceuk batur, indungna ngora kénéh, geulis. “Abdi téh hoyong ngobrol sareng bapa…” cekéng téh. Oh nuju kulem bapa mah, tos ngaleueut obat, ti kamari teu damang…” pokna. Dareuda. Kuring narik napas. Si Néng cengkat “badé kopi, Kang?” Imut. “Teu ah, cihérang wé…” Malik Imut. Manéhna ngaléos ka dapur. Si Néng, kakara kaluar sakola. Cenah mah hayang diteruskeun kuliah di Bandung. Si Néng norojol. Bari nyuguhkeun sagelas cihérang, manéhna nyaritakeun bapana nu gering, kahayangna kuliah jeung usaha kafé indungna. Hayang sapok-pokeun. Tapi teu wasa. Méméh jam dalapan, kuring amitan. Di jalan, amplop eusi poto-poto indungna téh dialungkeun ka walungan. Keun wé jadi rusiah…
    [07 Juni 2012 09:39:59]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Amplop”

    Post a Comment

    Subscribe