Thursday 7 June 2012

0

Fikmin Sunda: Karangan Bébas

  • Thursday 7 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • Malem minggu, ulin ka imah Néng Yusi. “Saleresna, kadieu téh akang ba…” teu dituluykeun, kaburu kapotong déhém bapana di tengah imah. “Naon?” Néng Yusi rada panasaran. “Néng, saleresna…“ Eureuleu, kadangu bapana teurab. Kuring narik napas. “Saleresna…” kapotong deui, bapana ngahéot. Jempling sajongjonan. Rék pok deui ngomong. Sora bapana ngahéos. Ahirna kuring amitan, da kaburu peuting teuing rék ngobrol panjang téh. “Isin ah aya bapa. Engké wé énjing ngobrolna” cekéng téh. “Naon da si Papap mah nuju kulem di sofa.” Pokna. Ditempo téh ka tengah imah, nyaan keur nangkarak. Tibra. Kuring gégétrét teu ateul. Hanjelu. “Kulem téh ngahéot, ngahéos… gaduh panyawat naon bapa téh?” kuring keuheul “Tos lami si Papap téh gaduh panyawat asimilasi” pokna, seurieus. Kuring kerung. “sakantenan wé démokrasi” cekéng téh bari ngaléos. Kukulutus… Ti kajauhan, kadangu sora ngahieum ti imah Néng Yusi.
    [07 Juni 2012 10:14:14]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Karangan Bébas”

    Post a Comment

    Subscribe