Wednesday 6 June 2012

0

Fikmin Sunda: Catetan Tadi Soré

  • Wednesday 6 June 2012
  • Unknown
  • Share
  • “Éh Apa, tadi énjing-énjing basa Uki angkat ka TK sareng mamah, ningal aki-aki janggotna panjaaang bodas, ngadodorong béca. Basa uih sakola, si akina nuju bobo di lebet béca. Bieu basa sareng mamah badé mésér sabuk ka caket pasar, si aki téh nuju calik wé dina béca…” budak leutik nyarita meni capétang. Bapana, nu diajak ngobrol, jongjon bebelewekan dahar baso. Kuring ukur ngadangukeun bari nungguan pamulangan. Basa kuring ngaléos, kadangu kénéh budak téh nanya “Ari éngké wengi aya kénéh teu si aki téh, Apa?” Kuring seuri, tuluy ngagidig muru terminal. Basa ngaliwat ka pasar, teu kahaja nempo aki-aki diuk di jero béca, nungguan panumpang. Janggotan bodas, sarua jeung si aki nu dicaritakeun ku budak basa tadi di tukang baso. Kuring ngajanteng sawatara lilana. Nempo si aki, ras inget ka bapa sorangan… Sora motor jeung mobil ting garerung, lir pahereng-hereng jeung sora adan magrib…
    [06 Juni 2012 20:56:53]

    0 Responses to “Fikmin Sunda: Catetan Tadi Soré”

    Post a Comment

    Subscribe